BOGOR LUMIGAR MEKAR (Cover)
Di nu kiwari ngancik nu bihari
Seja ayeuna sampeureun jaga
Tatapakan Pajajaran
Dalingdingna Siliwangi
Ngadeug nanjeur kota Bogor
Di lelemah tatar Sunda
Banjar karang pamidangan
Panginditan pangbalikan
Ngadeug nanjeur kota Bogor
Di pakusarakan
Bogor lumigar mekar
Beber layar tarik jangkar
Bogor naratas jalan
Pangwangunan karaharjan
Cisadane jeung Ciliwung
Rampak gawe ajeg tangtu
Batu Tulis, Lawang Gintung
Rancage gumilang nanjung
Talents: Kamal (Vocal), Iwang (Tenor), Edwind (Bass), Arie (Percussion), Tito (Bariton), Faiq (Beatbox)
Management: Desy Arlinda (0812 866 9874)
Socmed: Kang Opie
Recording/Mixing: Muslim Records (Kang Yogia)
Contact Us:
Phone: 0812 866 9874
E-mail: management@nasyid-naam.com
Facebook: Na’am Acapella Nasheed
Twitter: @nasyid_naam
Instagram: naam_acapella
Website: www.nasyid-naam.com